Nun Gusti dina hate kuring anjeun cicing, Bener-bener henteu bisa ngejat,
Dibeungkeut ku tali duriat, Sanajan loba nu daratang
Pating kuriling neangan lawang, Pating kaletrok kana panto hate
Tapi ku urang teu dipalire, Duriat teu bisa digantian ku rupa
Duriat teu bisa dihilian ku harta Duriat teu bisa di aya-aya
Duriat datang na heunteu kapaksa
Dikotretkeun dina hate tidituna Diguratkeun dina rasa tidituna
Dibuka di baca dijaga ku saestuna Di jaga di riksa pinuh rasa ka heman.